Sangkuriang
Dina hiji
mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna dayang sumbi.
Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang
kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu
ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta
titisan dewa nu mangrupakeun bapana sangkuriang.
Tina hiji
poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon pas
sangkuriang nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang embungen
nuturkeun kahayang sangkuriang, nah akhirna si tumang diusir ka jero hutan ku
sangkuriang.
Sa entos sangkuriang balik deui ka istana,
sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna nyaeta dayang sumbi.
Ngadenge
carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi
nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya
urutna.
Sangkuriang
ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na.
Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka
sangkuriang.
Sa entos
kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji wangsa,
dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora jeung
kageulisan anu abadi.
Entos lami
pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana.
Sa entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya
oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain padahal
mah indungna.
Ningali
tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna. Sabalikna oge,
sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien dayang sumbi oge
reseupen ka pamuda eta teh.
Dina hiji
poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di leweng.
Sangkuriang menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina
sirahna.
Dayang
sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang nu arek jadi
calon suamina eta teh.
Urut bared
eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang sumbi merhatikeun
terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.
Dayang
sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal keun
perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta,
nyaeta:
Ka hiji,
dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum, kadua na, dayang
sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai citarum.
Kadua
syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting
eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta.
Sangkuriang
mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun
dua syarat eta.
Dayang
sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir beres di
lakukeun.
Dina waktu
eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan nana pikeun
ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah
okos panon poe nu karak bijil.
Sangkuriang
terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil.
Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek lantaran nganggap
teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.
Make
kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di jienna, teu
lila jadi banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna.
Sampan
parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena disebut
“gunung tangkuban parahu.”
![]() |
| Malam Ini Tak Seterang Tadi Siang |
Unsur intrinsik carita aya sababaraha nyaeta :
Panokohan :
Dayang Sumbi: agama tapi hiji saeutik
emosi (Dina carita nunjukkeun yén anjeunna rajin ngado'a na
meditated tapi geus repented sanggeus injuring putrana sarta
diusir)
Sangkuriang: Dongeng tapi emosi teu taliti (Dina
carita dibuktikeun yén manéhna diaku mun moro sarta ngumbara tapi geuwat
pangrugina di tungtung carita sabab gagal minuhan paménta Dayang Sumbi teu
neangan perhatian awéwé geulis anu baris dipinangnya salajengna ku kituna
manéhna weruh yén Dayang Sumbi téh indungna.
Tumang: teu taat kana master na
Plot / alur : kamajuan storyline ti budak
leutik nepi ka dewasa Sangkuriang
Latar waktu : teu dijelaskeun dina jéntré, ngan
jaman baheula teh
Latar tempat : di Jawa barat (sakumaha disebut
Citarum)
Latar suasana (saprak awal carita, anjing
Sangkuriang diusir, teras master na diusir ti karaton ku indungna sorangan
sanggeus manéhna luka ku aranjeunna dugi ahir Melancholy)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar